Alam endah ciptaan Allah SWT, Rupi sareng wanguna tangtossampurna,
Kasampurnaan alam di damel siloka Mojang Sunda, Di lebetkeun kana babasaan sareng paribasa, Antawisna Konsep kageulisan Mojang Sunda :
1. Rambut hideung meles, galing muntang, ombak banyu;
2. Pameunteuna ngadaun seureuh;
3. Tarang – ta’ar teja mentrangan;
4. Halis ngajeler paeh;
5. Soca cureuleuk, bulu soca carentik;
6. Damis ngagula sapasi sapertos katumbiri;
7. Pangambung uwung uwungan;
8. Gado ngaendog sapotong – sapasi;
9. Lambey jeruk sapasi;
10. Waos gula gumantung;
11. Taktak wayangeun;
12. Panangan ngagondewa; ramo pucuk euriheun;
13. Imbit dempak biola;
14. Cangkeng lenggik nadang papanting;
15. Iga kawas gambang pawayangan;
16. Bitis babalingbingan, ngabuah pare, jaksi sajantung;
17. Kulit hejo carulang, koneng umayang.
0 komentar:
Posting Komentar